Wilujeng Sumping

Nyukcruk Sasakala Lembur

Dongéng Tatar Sunda

PUKIS mangrupa platform digital berbasis peta interaktif pikeun maluruh cerita rakyat ti unggal daérah di Jawa Barat. Ieu sistem website dirancang sacara partisipatif saperti Wikipedia, hartina ti mimiti guru, siswa, nepika masyarakat umum bisa milu ilubiung nuliskeun cerita rakyat dina PUKIS.

Dongéng mangrupa carita rékaan dina wangun prosa anu eusi caritana pamohalan tur ukuranana parondok. Dongéng sumebar ti hiji jalma ka jalma lianna sacara lisan, ku kituna teu kapaluruh saha nu ngarangna. Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng ogé babari robah atawa leungit. Dongéng dipasing-pasing jadi sababaraha jenis, nyaéta fabél (carita sasatoan), parabél (carita kahirupan jalma), sasakala (legenda), sagé (babad), jeung mite (mitos).